Saha nu lepat, mun diri katalanjuran
Da bongan keureut salira bet sarimbag jeng manehna
Saha nu lepat, mun heureuy kaleuleuwihi
da bongan keureut salira bet sasorot jeng bihari
hanjakal tepang teh kapandeurian
dina wanci ges reup2an
mun maksa kudu dipenta
tangtu gede mamalana
Mana nu lepat, ti mangsa paduduaan
Da hate pernah kagiwat, ku salira jeng geugeutna
Saha nu lepat, mun heureuy kaleuleuwihi
Da bongan keureut salira bet sasorot jeng bihari
hanjakal tepang teh kapandeurian
dina wanci ges reup2an
mun maksa kudu dipenta
tangtu gede mamalana
Mana nu lepat, ti mangsa paduduaan
Da hate pernah ka iwat, ku salira jeng geugeutna
(Darso-Detty Kurnia)
Selasa, 31 Januari 2012
Senin, 30 Januari 2012
Sasak Rajamandala
Di beh kulonen
Pengkolan nu ka Saguling
Aya sasak anu jadi panineungan kuring
Sasak panjang nu nepungkeun Bandung Cianjur
Diliwatan balarea mentas walungan Citarup
Nu katelahna nya Sasak Rajamandala
Sasak cukang palantara cinta kuring jeung manehna
Cinta mimiti nukena
Hese pohona
Lamunan cik dina ati sumelap lilana rasa
Di sasak Rajamandala, hotel telet nu munggaran
Rek ngajak tacap kasoca, keleket hate deg-degan
Ka Sasak Rajamandala hayang geura ngaimplengan
Yen kuring teu jeng manehna
Kiwari geus baranganna

Cinta
Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo akhirna datang sorangan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta manjangkeun carita
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta panjang lalakona...
Cinta lir ibarat nu geulis
Geura endah ti mawu sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu lueus
Solo goto tapakan di anggang putus
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh pengorbanan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh kasadaran
Cinta datangna teu kaharti
Gandrung ewuh mikangen ngungkapin ati
Cinta matak anteung beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta mangkat mega endah
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta tembang kanyaan
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo akhirna datang sorangan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta manjangkeun carita
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta panjang lalakona...
Cinta lir ibarat nu geulis
Geura endah ti mawu sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu lueus
Solo goto tapakan di anggang putus
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh pengorbanan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh kasadaran
Cinta datangna teu kaharti
Gandrung ewuh mikangen ngungkapin ati
Cinta matak anteung beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta mangkat mega endah
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta tembang kanyaan
Mawar Bodas
Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala
Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun
Minggu, 29 Januari 2012
Hariring Kuring
Tengah peuting keur jemplang jempling
Kuring nyaring, teu geunah cicing
Hate melang, sumoreang
Buah ati, lawas teu patepang
Cuang cieung, kuring sorangan
Nenggeulis cik pangumbaraan
Lieuk dengen lieuk lain
Laya pisan kesan pamunangan
Rek sasambat ka saha nya nyambat
Suwung dulur, walurat sobat
Sangsang badan, nitipkeunnya diri
Iwal ti ka Gusti hyang widhi
Hiliwirkeun, duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Kajungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Tengah peuting keur jemplang jempling
Kuring nyaring, teu geunah cicing
Hate melang, sumoreang
Buah ati, lawas teu patepang
Rek sasambat ka saha nya nyambat
Suwung dulur, walurat sobat
Sangsang badan, nitipkeunnya diri
Iwal ti ka Gusti hyang widhi
Hiliwirkeun, duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Kajungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Kuring nyaring, teu geunah cicing
Hate melang, sumoreang
Buah ati, lawas teu patepang
Cuang cieung, kuring sorangan
Nenggeulis cik pangumbaraan
Lieuk dengen lieuk lain
Laya pisan kesan pamunangan
Rek sasambat ka saha nya nyambat
Suwung dulur, walurat sobat
Sangsang badan, nitipkeunnya diri
Iwal ti ka Gusti hyang widhi
Hiliwirkeun, duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Kajungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Tengah peuting keur jemplang jempling
Kuring nyaring, teu geunah cicing
Hate melang, sumoreang
Buah ati, lawas teu patepang
Rek sasambat ka saha nya nyambat
Suwung dulur, walurat sobat
Sangsang badan, nitipkeunnya diri
Iwal ti ka Gusti hyang widhi
Hiliwirkeun, duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Kajungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Kawih ati nu keur rungsing pusing
Dina Amparan Sajadah
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati
Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Alloh Pangeran Abdi
Pangeran anu sajati
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati
Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Alloh Pangeran Abdi
Pangeran anu sajati
Tebih ka Langitna
Tebih ka Langitna
Tebih Lemah ka langitna
anggang bulan jeung bentangna
asa pamohalan pisan sim kuring bisa ngahiji
Abdimah jalmi tunggara
tuna harta sepi harti
ukur ngabogaan cinta, ngan boga cinta
Ari hayang siga batur
ngan hanjakal teu ka ukur
kabungah jeung kabagjaan
kuringmah ukur harepan
Kabita ku anu lian
bisa kedal ucap cinta
sakapeng kuring ngalaman
tapi ngan dina lamunan.

Lagu jeung Rumpaka
Ku Nano .S
Namperkeun sarining basa
Rumpaka teh kekecapan dina lagu. Dina tembang sok disebut dangding, atawa guguritan. Dina lagu kapasindenan, sok disebut kata-kata. Dina lagu kawih sok disebut rumpaka. Dina lagu pop Sunda, sakapeung sok campur jeung istilah musik, sok aya nu nyebut lirik. Para sastrawan, sok aya nu nyebut sastra lagu. Pangpangna kana rumpaka karya para sastrawan.
Tina beda-beda sebutan jeung istilah, katingalina ayeuna mah nyoko kana hiji istilah nu dianggap sisniger tengah, nyeta rumpaka bae disebutna teh. Wangunan eta rumpaka rupa-rupa. Aya anu winangun sisindiran, puisi, wawangsalan, pupuh jrrd. Malah dina perkembangan ayeuna, pangpangna dina lalaguan anyar, sok make sajak bebas bae.
Dina lalaguan tembang Sunda, anu umumna sok make rumpaka/dangding tina pupuh, geus lawas jadi bahan ulikan para ahli sastra. Nu diulikna, lain kumaha tumapelna tur adumanisna eta dangding kana komposisi lagu, tapi leuwih nyindekel kana ajen sastrana. Teu aneh mun dangding dina tembang teh loba nu aralus, maklum seeur kenging para bujangga anu tos kawentar. Salah sawiosna guguritan lagu laut kidul kenging Kalipah Apo, anu terus disandingkeun kana lalaguan, anu manjing dina pupuh dangdanggula.
Lalaguan kawih, saperti barudak/lagu rakyat/kaulinan urang lembur, kapasindenan, kawih kacapian, sanajan jumlahna bisa jadi leuwih loba, masih langka kaguar pikeun jadi obyek penelitian para ahli sastra. Memang eta ge kungsi aya, tapi sipatna ngan teu saukur ngumpulkeun wungkul, henteu dibahas atawa dianalisa sacara gemet.
Padahal naon nu disebat rumpaka teh, sacara teu sadar geus loba andilna kana milu manjangkeun daya inget kana unina kekecapan, sabada awor jeung lagu. Saur Rd Mahyar Angga Kusumadinata mah, (ahli karawitan sunda/sastrawan) rumpaka teh tiasa namperkeun sarining basa, salian ti jadi pangaluwentah (bahan ajar pendidikan basa/sastra) kanggo barudak sakola.
Sigana guguritan laut kidul, budak leutik bisa ngapung, eling-eling mangka eling, pat lapat, trang-trang kolentrang, jaleuleu, jrrd moal manjang dipiinget tepi ka ayeuna, upama henteu napel dina lalaguana. Beh dituna, sanajan eta kekecapan teh geus teu dipiterang hatina, anggeur we dihaleuangkeun, da geus napak dina laguna. Dangdingan dina wawacan anu dicutat jadi rumpaka lagu dina tembang, nyesakeun semplak ingetan sabada sabagian padalisan dina jalan caritana diinjeum jadi hiji lagu.
Ritme
Sabada ngabanding-bandingkeun rumpaka lalaguan Sunda, boh nu napak dina lalaguan nu geus aya, atawa dina kreasi kabinangkitan anyar, karasa pisan ayana beda garap jeung ngareka sanggina. Nu dimaksud hal garap nyaeta, aya kalana rumpaka dipaksa kudu tunduk kana melodi lagu nu geus baku. Nu penting pas dina guru wilanganana. Ngareka sanggi, kumaha rumpaka anyar jadi lagu. Lamun dianggap kurang, sok ditambahan kunu ngarekana atawa ku anu nembangkeunana/ngawihkeunana. Nambahan kecap gening, aduh, dunungan, panutan, etah, mah, geus dianggap biasa tur dianggap genah, dina ngalagukeunana. Salah sahiji contona:
Aya kalana, jajar kecapna teh sok dibalikan deui. Cara ngabalikanana aya nu sabagian tina hiji padalisan, atawa aya oge anu gembleng hiji atawa dua padalisan. Contona dina pupuh Lambang:
Nu loba ngarajek kekecapan, pangpangna dina rumpaka sisindiran, loba kapanggih dina lagu kapasindenan. Pangaruh gede karasa lamun dina kekecapan awal diwangun ku 3-2-3. (Tina jumlah dalapan engang) Ieu mah salian dirajek, biasana sok ditambah sisipan. Tapi upama diwangun ku 2-3-3, atawa 4-1-3, biasana sok jadi jauh robah hartina, malah teu saeutik jadi matak mesem nu ngadengena. Contona:
Conto di luhur ku para panembang atawa juru kawih, langka dipisandar jadi hiji kasalahan, sabab nu dipentingkeun laguna. Lagu mah geus boga ritme sorangan, anu geus pageuh matok dina komposisina. Robahna pedotan anu diakibatkeun ku misalna engang dina hiji kecap, henteu dianggap kasalahan. Tina pangalaman eta, aya alusna upama rek nyieun rumpaka/dangding, keur lagu anu geus aya (lagu sampakan), merhatikeun oge ritme laguna sangkan kasus saperti di luhur henteu kaalaman deui. Ku kituna lagu mah boga wangunan anu mandiri, utamana dina rumpaka anyar nu rek disandingkeun dina melodi. Ka hiji guru wilangan, ka dua pola ritmena. Lamun make pupuh, tangtu aya tambahanana, nyaeta guru laguna. Tapi di luar pupuh mah, bebas bae da teu asup jadi hiji aturan anu baku.
Kakuatan improvisasi tina para pasinden dina lalaguan kliningan (lagu nu dipirigan gemelan pelog/salendro), tambahan kekecapan jadi ngalegaan deui. Para pasinden di Subang upamana, ayeuna geus biasa nambahan kecap anu sabenerna kurang kontek jeung babon rumpaka anu dilagukeun. Contona nataan atawa nyambat ngaran nu lalajo. Eta kekecapan lamun dina wangunan sisindiran mah mungkin masih bisa ditolelir, tapi upama geus kana lagu kreasi anyar anu rumpakana nyender wangunan puisi/sajak, bakal karasa ngagangguna. Baheula Titim Patimah, sohor ku tambahan kecap, eh ibu bapa daramel naon mereunan. Ayeuna Cicih Cangkurileung nambahan deui ku kecap bapa lurah anu bageur. Teu cukup ku sakitu, dina nyambat hiji ngaran ditataan oge ngaran anu sejena, sakaligus jeung alamatna atawa jabatanana.
Dina bajidoran, hal saperti kitu geus jadi mode, sabab datangna duit panyaweran, loba datang ti ngaran nu disambat ku para pasinden. Cenah mun terus disambat tapi heug teu mere, bisa kawiwirangan. Cindekna nyambat ngaran ku nyelipkeun kekecapan dina lagu, salian ti jadi kakuatan improvisasi juru sinden, oge jadi taktik dina nambahan panghasilan. Jadi, masalah kontek atawa henteu, tara jadi masalah nanaon, nu penting tepi jeung bisa ngolahna. Ku kitu tea mah ulah waka ngareka tambahan kecap, dalah dina pirigan oge, nu baheulana jadi lagu bubuka nu maksudna sandak sanduk dipirig tepak melem, ayeuna mah bisa dibarangpakkeun ku kendang, saperti lagu dina lagu Kidung, nu dipirig kendang jaipongan.
Ku saba kitu, upamana tea mah juru rumpaka dina mere rumpaka ka juru sanggi, alusna mah milu nimbang-nimbang, dina seni naon eta rumpaka teh rek disandingkeunana. Upama tea mah dina jaipongan, aya alusna eusi rumpakana mere lolongkrang keur gerak tari, sabab engkena salian ti dihaleuangkeun, biasana sok dijieun bahan tarian. Lagu “Serat salira”, “Langit biru”, genah keur lagu. Tapi waktu eta judul lagu di pake judul tarian, karasana jadi teu nyambung, sabab para koreografer henteu museur kana jiwa rumpaka, tapi kana tepak kendangna.
Juru sanggi jeung sastrawan
Juru sanggi teh sebutan keur nu sok nyipta lagu. Ngaran ciptaana sok disebut sanggian. Lamun dina lagu aya kekecapan aya kekecapan anu unina, sanggian mang Koko, rumpakana kenging Wahyu Wibisana Kailaharanana lamun pandena saperti kitu, geus pasti rumpaka leuwih heula ti batan lagu, sabab jadina lagu sabada aya rumpaka. Bisa wae kajadian lagu leuwih ti heula aya, tapi masih mangrupa hariring anu can aya kekecapanana. Ku sabab juru sanggi ngarasa bingung nya menta tulung ka sastrawan. Ku sabab umumna para sastrawan henteu tiasa maca notasi, juru sanggi sok mere ugeran engang dina kekecapanana, nu dipikabutuh ku melodi lagu nu diciptana. Hal saperti kitu bisa disebitkeun langka, supaya gancang nya dijieun we ku sorangan. Masalahna sok sanajan geus dibere ugeran jumlah engangna, aya kalana jiwa lagu jeung rumpaka patojaiah. Contona, sora melodi laguna luhur metit ngalanglaung, tapi rumpakana ngaharewos lalaunan. Perkembangan gawe bareng antara juru sanggi jeung sastrawan dina dunya kawih Sunda, nu make wangunan sajak bebas, kakara mekar dina katompernakeun taun lima puluhan. Umumna samemeh eta mah, juru sanggi sok loba nu nyieun rumpaka ku sorangan bae, atawa babaturan nu landes diantara sasama pangrawit.
Siti Armilah, RAF, Wahyu Wibisana, kaasup sastrawan nu naratas gawe bareng, ku jalan masihan rumpaka (sajak) ka Mang Koko. Satutas eta kacatet ngaran Agus Sariamiharja (Agus Sur), Winarya Artadinata, Dedy Windyagiri, Sukendar, jrrd. Salah sahijina pangaruhna ka Mang Koko, jiwa laguna nu asalna hegar jeung humor, ayeuna mah jadi leuwih daria tur melankolis. Katingalina dua-duana pada diuntungkeun. Mang Koko nambihan dina apresiasi sastrana, sedeng para sastrawan (satutas rumpakana jadi lagu) jadi kahudang dina neangan wangunan anyar, wangunan rumpaka anu kumaha anu miluyu keur sanggieun lagu. Malah lila-lila mah tina eta pangalaman teh , namper jadi hiji ugeran anu mandiri. Salah sahijina, juru rumpaka milih kecap anu siniger tengah. Salian ti eta, nempatkeun sajak anu ngawirahma jadi hiji bagian anu penting jadi tinimbangan. Wirahma eta, engkena gede patula patalina jeung ritme lagu. Jadi dina proses ciptana juru sanggi, sacara teu langsung geus kaanteur antara jiwa lagu, ritme, laras, jeung pirigana.
Lamun nitanan kana kajadian eta, gawe bareng antara juru sanggi jeung sastrawan nu nyieun rumpaka, beunang disebutkeun geus ngalahirkeun ugeran pupuh-pupuh anyar, anu teu kaugeur ku guru lagu, jeung guru wilangan. Salian ti eta, rumpaka lagu jadi leuwih singget. Contona bae, waktos Mang Koko ngadamel rumpaka ku nyalira, jumlah padana (jumlah padalisan dina hiji komposisi lagu) aya nu dugi ka ngawelas. Paling sakedik antara opat atawa lima pada. Hal ieu bisa jadi kapangaruhan ku kabiasaan dina pupuh, dimana ari jumlahna sabaraha pada, sedeng melodi laguna angger. (Laguna cukup ku sapada oge) Ku sabab kitu teu aneh lamun tepina di masarakat, anu manjang dipiinget jeung awor dina adumanisna, dina pada (koplet) anu kahiji bae. Conto Mang koko ngadamel sabaraha koplet rumpaka dina lagu Karatagan Pahlawan, anu popilerna mah angger bae anu rumpakana: teu honcewang sumoreang, batan koplet anu ka rumpakana: sinatria danalaga.
Hal saperti kieu mangrupa evolusi parobahan dina perkembangan lagu Sunda, sabab umumna rumpaka anu disanggina mah, biasa sok dianggap tamat dina hiji pada wae. Lamun tea mah aya iwalna, sabab dianggap hiji kabutuhan, biasana masih napak dina lagu-lagu anu sipatna hereuy atawa guyon. Dina lagu hereuy atawa sekar caturan, (dialog) rumpaka jadi hiji kakuatan pikeun nuntaskeun udagan eusi, mana komo lamun eusina anu ngahudang sipat kritik sosial. Sabalikna, komposisi lagu hereuy mah kudu leuwih sederhana jeung ulah pangjang teuing. Ku sabab sasaran kakuatanana, ditempatkeun dina rumpakan anu panjang, karasana lamun dibalikeun deui kekecapanana kana rumpaka awal, anu ngadenge jadi teu aneh deui.
Ngabandingkeun nu popiler
Baheula mah umumna rumpaka lagu loba diwangun ku 8 engang, dina tiap jajarna. Hal ieu sigana gede kapangaruhan ku wangunan sisindiran atawa pupuh. Tapi dina lagu-lagu kaulinan barudak, ternyata ngabogaan pola nu mandiri, anu teu kauger ku 8 engang. Sakadar conto, urang bisa merhatikeun pola ritme lalaguan barudak.
Pikeun gambaran jeung sakadar conto pola ritme dina lagu-lagu nu geus popiler, diantarana lagu “Es lilin”. Lamun ningali wangunanana, lagu “Es lilin” teh make rumpaka sisindiran. Hal ieu kaciri dina cangkang jeung eusina. Ku sabab Bi Mursih penciptana ngarasa yen jumlah dalapan engang kurang pas jeung kabutuhan melodi laguna, nya ditambahan ku kekecapan tambahan, mah jeung ceuceu.
Dikalang aturan goong
Beda jeung musik, dina lagu Sunda anu make irama tandak (ajeg, tetep), geus miboga aturan anu diwatesan ku ragragna sora goong. (Goong gede, goong leutik disebutna kempul). Eta aturan dipitaat jadi ugeran, tur ngabogaan aturan anu mandiri. Contona irama lagu sawilet. Wilet hartina matra, sawilet opat matra. Dina irama sawilet anu diwangun ku opat matra eta, unggal matrana dieusiana ku opat ketuk. Jadi, jumlah ketukan dina irama lagu sawilet teh diwangun ku 16 ketukan. Pungkasan waktu pas ragrag kana ketukan 16, ragrag hiji goong. Lamun digambar kira-kira kieu:
. . . . x x x x x x . x x x x x . . . . x x x x x x . x x x x x
. . . . es li lin mahceuceu ka la pa mu da di bantunmahceuceu didorongdorong
. . . . x x x x x x . x x x x x . . x x . . x x x x . x x x x x
Ab di I sin ceuceu sa marka du ga ru ma os mahceuceu seueurka ki rang
Lamun ningali pola ritme lagu es llilin, jajar ka 1 tepi ka 3, ritmena sarua. Anu beda, ngan ritme jajar ka opatna. Jajar ka 1 tepi ka 3, sok sanajan ritmena sarua, tapi melodi atawa nadana mah beda, hal lieu bisa katinali lamun ningali notasi, atawa lamun ngadenge laguna.
Dina lagu-lagu kaayeunakeun, loba lagu-lagu anu popilerna di masarakat, diwarnaan ku pola ritme nu sederhana, jeung datar sarua. Maksudna dina eta, ritme laguna mah loba sarua, nu beda ngan jalan melodi laguna bae. Hal saperti kieu sabenerna mah lain barang anyar, da dina lalaguan barudak mah geus napak kitu ti baheula. Perhatikeun bae lagu Cingcangkeling, ucang-ucang angge, ayang-ayang gung, jrrd.
Ku katerangan di luhur muga jadi panganteur, kanu boga niat nyieun rumpaka keur pilagueun, utamana dina unsur wirahma jeung ritmena. Sanajan henteu mangrupa aturan nu dipikudu, alusna mah keur sakadar cacarakan bae mah, merhatikan saperti conto di luhur bakal karasa deui keur bandingan di conto, lamun loba nitenan rumpaka lagu karya Wahyu Wibisana, Dedi Windyagiri, anu sering disanggi jadi lagu Mang Koko.
Pangaruh rumpaka
Sok sanajan ari nu disebut lagu mah, bisa mandiri tanpa make kekecapan, saperti halna dina musik instrumentalia (karawitan gending), dimana lagu diwangun ku sora-sora tatabeuhan wungkul, tapi dina kanyataan umumna masarakat di urang, leuwih resep lagu nu make rumpaka, ti batan lagu-lagu instrumentalia. Di kalangan rumaja, pangpangna dina lalaguan nu mawakeun tema cinta, rumpaka teh jadi daya tarik nu luar biasa, eta kekecapan tek sok di tulis di alus-alus, dijadikeun kata mutiara. Anu keur kasmaran, eta rumpaka asa keur dirina soranagan. Bahkan anu keur kapakan (patah hati), lamun manggih lagu anu rumpakana anu nyeuit-nyeuit kanyeri ati, sok terus dibulak balik, sabab asa lalakon dirina. Nyieun plesetan tina rumpaka lagu, geus biasa jadi mode, nyokot tina lagu-lagu nu popiler.
Dina dunya atikan, mere conto papatah atawa nerangkeun hiji masalah, leuwih gancang katarimana, mun make lagu anu make rumpaka. Sanajan panjang, biasana napel manjang dipiinget. Geura we pendidiken di pasantren, nyaritakeun babar nabi dugi ka pupusna, loba apal ku dilagukeun mah. Kitu deui sipat 20, atawa nataan ngaran poe dina basa Arab.
Rumpaka nu geus dalit jeung laguna, nu alusna bisa mere apresiasi ka para miarsana. Contona bae, aya kekecapan lawas anu umumna teu dipiterang hartina, jadi kahudang deui. Saperti misalna kecap wening, babat raweuy, jrrd. Sabalikna lamun manggih kecap nu salah larap, justru hese di robahna. Nu ngawihkeun daek teu daek kudu ngagugu, yen eta anu bener. Contona waktos Mang koko ngadamel lagu Pasundan Eksiganda. Maksud kecap eksiganda ku Mang Koko nyaeta lemah cai. Barang dipaluruh dina kamus, ternyata yen lemah cai didinya, hartina lemah cai jajahan Mataram.
Sambas nyanggi Manuk Dadali, lamun nitenan eusi rumpakana, manuk dadali teh jadi perlambang sakti Indonesia Jaya. Maksudna mah sarua jeung manuk garuda. Urang sadar yen manuk dadali mah leuwih leutik batan manuk garuda. Sanajan salah, anggeur we eta nu napakna.,
Uko nyieun lagu Maripi. Dikotektak hartina teu aya, barang ditanyakeun ka jinisna harti maripi, jawabna teh duka, da ukur kungsi ngadenge waktu kieur leutik. Judul lagu Budak Ceurik dina panambih tembang, ngagambarkeun rumaja nu keur kasmaran. Nu ngalagukeun tara ngamasalahkeu, nu penting dina lagu kitu kadengena. Hal saperti kieu bisa kapanggih dina lagu Dul Sumbang, anu nyebutkeun samak salambar dina lagu Pangandaran. Robahna tina imut jadi emut. (Imut malati, emut malati) Jati sarakan, jadi sarakan,teu honcewang, jadi ti honcewang. Aya deui rumpaka lagu, waktu caang bulan, anu dilingkung ku bentang baranang. Padahal keur caang bulan mah, bentang loba teu katingal. Raos we!
Pinilih
Ieu mah pamanggih pribadi, jadi sipatna subyektip pisan. Genahna rumpaka keur lagu, anu sederhana bae, kecapna ulah jalimet teuing, atawa nyastra teuing. Salian ngawirahma, oge genah mun murwakanti. Keur judulna, alusna mah anu pondok bae, sangkan gampil dipiinget. Tina judul kana eusi, karasa gampang diolahna jadi lagu. Keur nerangkeun leuwih tembres, sigana kudu aya para ahli sastra anu nyaliksik sacara halus, ngeunaan rumpaka lagu-lagu Sunda. Juru sanggi mah lolobana ngan ukur bisa nyaritakeun, kira-kira nu kitu nu genah dijieun lagu.
Dina tembang Sunda, sok sanajan cenah guguritan kenging Panghulu Hasan Mustopa teh kacida pisan luhung ajenna, tapi waktu diterapkeun kana lagu, karasana asa kurang awor bae. Babasaanana nyastra teuing. Aya dua hal anu jadi alesan, ka hiji hese disanggina, ka dua, dina jadina hese tepina kanu nembangkeunana, atawa masarakat. Mungkin hal ieu disababkeun oge, ku kurangna apresiasi juru sanggi kana ajen-inajen sastra.
Sacara pribadi kuring nyoba nyanggi sajak karya Ajip Rasidi tina kumpulan sajak Jante Arkidam. Lumayan ngesang, mana komo waktu rek direkam, katingalina produser rekaman deukeut-deukeut kana teu resepeun, sabab cenah nu kieu mah moal payu. Kusabab kitu nya nyieun patea sorangan, ku cara ngamodal sorangan, nu peuting si hese teu kabawa hees. Rumpakana sabisa-bisa nyieun sorangan. Laguna jadi ngagebay paranjang, sabab make istilah kawih tembang. (Katem) teu wudu seueur nu bendu.
Sanajan jaman ayeuna barudak geus biasa berciuman, tapi waktu eta kecap diterapkeun dina rumpaka lagu Sunda, karasa jadi kasar ngarihal. Kecap sejen nyaeta kecap randa atawa duda. Alusna mah, memang urang Sunda resep hal-hal anu cawokah, tapi waktu diterapkeun jadi rumpaka lagu, karasana aya kesan nu vulgar.
Naon hal anu diterapkeun dina bahasan ieu, dasarna loba ngahudang tina pangalama pribadi bae, tangtu bakal loba kakuranganana. Sebut we atuh, samentara mah ulah teu aya teuing, ngarah engkena ngarekahan diulik ku para ahli nu leuwih jembar deui. Hatur nuhun!
Namperkeun sarining basa
Rumpaka teh kekecapan dina lagu. Dina tembang sok disebut dangding, atawa guguritan. Dina lagu kapasindenan, sok disebut kata-kata. Dina lagu kawih sok disebut rumpaka. Dina lagu pop Sunda, sakapeung sok campur jeung istilah musik, sok aya nu nyebut lirik. Para sastrawan, sok aya nu nyebut sastra lagu. Pangpangna kana rumpaka karya para sastrawan.
Tina beda-beda sebutan jeung istilah, katingalina ayeuna mah nyoko kana hiji istilah nu dianggap sisniger tengah, nyeta rumpaka bae disebutna teh. Wangunan eta rumpaka rupa-rupa. Aya anu winangun sisindiran, puisi, wawangsalan, pupuh jrrd. Malah dina perkembangan ayeuna, pangpangna dina lalaguan anyar, sok make sajak bebas bae.
Dina lalaguan tembang Sunda, anu umumna sok make rumpaka/dangding tina pupuh, geus lawas jadi bahan ulikan para ahli sastra. Nu diulikna, lain kumaha tumapelna tur adumanisna eta dangding kana komposisi lagu, tapi leuwih nyindekel kana ajen sastrana. Teu aneh mun dangding dina tembang teh loba nu aralus, maklum seeur kenging para bujangga anu tos kawentar. Salah sawiosna guguritan lagu laut kidul kenging Kalipah Apo, anu terus disandingkeun kana lalaguan, anu manjing dina pupuh dangdanggula.
Lalaguan kawih, saperti barudak/lagu rakyat/kaulinan urang lembur, kapasindenan, kawih kacapian, sanajan jumlahna bisa jadi leuwih loba, masih langka kaguar pikeun jadi obyek penelitian para ahli sastra. Memang eta ge kungsi aya, tapi sipatna ngan teu saukur ngumpulkeun wungkul, henteu dibahas atawa dianalisa sacara gemet.
Padahal naon nu disebat rumpaka teh, sacara teu sadar geus loba andilna kana milu manjangkeun daya inget kana unina kekecapan, sabada awor jeung lagu. Saur Rd Mahyar Angga Kusumadinata mah, (ahli karawitan sunda/sastrawan) rumpaka teh tiasa namperkeun sarining basa, salian ti jadi pangaluwentah (bahan ajar pendidikan basa/sastra) kanggo barudak sakola.
Sigana guguritan laut kidul, budak leutik bisa ngapung, eling-eling mangka eling, pat lapat, trang-trang kolentrang, jaleuleu, jrrd moal manjang dipiinget tepi ka ayeuna, upama henteu napel dina lalaguana. Beh dituna, sanajan eta kekecapan teh geus teu dipiterang hatina, anggeur we dihaleuangkeun, da geus napak dina laguna. Dangdingan dina wawacan anu dicutat jadi rumpaka lagu dina tembang, nyesakeun semplak ingetan sabada sabagian padalisan dina jalan caritana diinjeum jadi hiji lagu.
Ritme
Sabada ngabanding-bandingkeun rumpaka lalaguan Sunda, boh nu napak dina lalaguan nu geus aya, atawa dina kreasi kabinangkitan anyar, karasa pisan ayana beda garap jeung ngareka sanggina. Nu dimaksud hal garap nyaeta, aya kalana rumpaka dipaksa kudu tunduk kana melodi lagu nu geus baku. Nu penting pas dina guru wilanganana. Ngareka sanggi, kumaha rumpaka anyar jadi lagu. Lamun dianggap kurang, sok ditambahan kunu ngarekana atawa ku anu nembangkeunana/ngawihkeunana. Nambahan kecap gening, aduh, dunungan, panutan, etah, mah, geus dianggap biasa tur dianggap genah, dina ngalagukeunana. Salah sahiji contona:
Hiber deui ari kukupu hiber teunangan
(Sabagian tina lagu kukupu)
Perhatikeun kecap ari, dina keur dilagukeun mah teu karasa ningnang. Tapi sabada ditulis, karasa ngaganggu kana kontek kecapna. Hal saperti kieu meh ampir aya di unggal lagu, pangpangna dina lagu nu lawas anu geus dianggap manjing disebut klasik atawa tradisi.Aya kalana, jajar kecapna teh sok dibalikan deui. Cara ngabalikanana aya nu sabagian tina hiji padalisan, atawa aya oge anu gembleng hiji atawa dua padalisan. Contona dina pupuh Lambang:
Meneran keur caang bulan
Barudak sarukan-sukan
Arulin di pakarangan
Baruna udag-udagan
Padalisan kahiji jeung kadua, laguna diulang deui. Sedeng padalisan ka tilu jeung ka opat, aya nu diulang, aya oge nu henteu. Kusabab lagu nu dibalikan deui teh padalisan ka hiji jeung ka dua, dina aturan pupuh sok disebut yen aturan jumlah padalisan lambing aya genep atawa dalapan. Meralna eta jumlah padalisan, loba diakibatkeun ku lagu anu dibalikeun tea, da ari jumlah padalisanana mah geus dinggap cumpon ku opat padalisan bae.Nu loba ngarajek kekecapan, pangpangna dina rumpaka sisindiran, loba kapanggih dina lagu kapasindenan. Pangaruh gede karasa lamun dina kekecapan awal diwangun ku 3-2-3. (Tina jumlah dalapan engang) Ieu mah salian dirajek, biasana sok ditambah sisipan. Tapi upama diwangun ku 2-3-3, atawa 4-1-3, biasana sok jadi jauh robah hartina, malah teu saeutik jadi matak mesem nu ngadengena. Contona:
Wangunan 3-2-3
Japati belang jangjangna
Ditambah sisipan kecap:
Japati mah belang jangjangna
Dirajek:
Japati mah japati mah japati belang jangjangna
Wangunan 4-1-3
Kokojayan di muara
Dirajek:
Koko koko koko koko kokojayan di muara
Wangunan 2-3-1-2
Sono papanggih di jalan
Dirajek:
Sono papang sono papang sono papanggih di jalan
Wangunan 3-2-3
Merdeka nyosok walatra
Dirajek:
Merdekanyos merdekanyos merdeka nyosok di jalan
Dina lagu pupuh buhun, sok sanajan biasana teu pati loba nu ditambah ku sisipan kecap, tapi tumapelna rumpaka kana lagu, bisa wae jadi ngarobah harti rumpaka awal, lamun diperhatikeun anu gemet. Contona pupuh kinanti dina padalisan kadua:Budak leutik bisa ngpung
Babakungnga pungna peuting
Dina pupuh dangdanggula, bagian padalisan kahiji unina saperti kieu:Ratu Gilingwesi pok ngalahir
Dina waktu ditembangkeun unina robah jadi kieu:
Ratu giling wesi pok nalahir
Kakuatan improvisasi tina para pasinden dina lalaguan kliningan (lagu nu dipirigan gemelan pelog/salendro), tambahan kekecapan jadi ngalegaan deui. Para pasinden di Subang upamana, ayeuna geus biasa nambahan kecap anu sabenerna kurang kontek jeung babon rumpaka anu dilagukeun. Contona nataan atawa nyambat ngaran nu lalajo. Eta kekecapan lamun dina wangunan sisindiran mah mungkin masih bisa ditolelir, tapi upama geus kana lagu kreasi anyar anu rumpakana nyender wangunan puisi/sajak, bakal karasa ngagangguna. Baheula Titim Patimah, sohor ku tambahan kecap, eh ibu bapa daramel naon mereunan. Ayeuna Cicih Cangkurileung nambahan deui ku kecap bapa lurah anu bageur. Teu cukup ku sakitu, dina nyambat hiji ngaran ditataan oge ngaran anu sejena, sakaligus jeung alamatna atawa jabatanana.
Dina bajidoran, hal saperti kitu geus jadi mode, sabab datangna duit panyaweran, loba datang ti ngaran nu disambat ku para pasinden. Cenah mun terus disambat tapi heug teu mere, bisa kawiwirangan. Cindekna nyambat ngaran ku nyelipkeun kekecapan dina lagu, salian ti jadi kakuatan improvisasi juru sinden, oge jadi taktik dina nambahan panghasilan. Jadi, masalah kontek atawa henteu, tara jadi masalah nanaon, nu penting tepi jeung bisa ngolahna. Ku kitu tea mah ulah waka ngareka tambahan kecap, dalah dina pirigan oge, nu baheulana jadi lagu bubuka nu maksudna sandak sanduk dipirig tepak melem, ayeuna mah bisa dibarangpakkeun ku kendang, saperti lagu dina lagu Kidung, nu dipirig kendang jaipongan.
Ku saba kitu, upamana tea mah juru rumpaka dina mere rumpaka ka juru sanggi, alusna mah milu nimbang-nimbang, dina seni naon eta rumpaka teh rek disandingkeunana. Upama tea mah dina jaipongan, aya alusna eusi rumpakana mere lolongkrang keur gerak tari, sabab engkena salian ti dihaleuangkeun, biasana sok dijieun bahan tarian. Lagu “Serat salira”, “Langit biru”, genah keur lagu. Tapi waktu eta judul lagu di pake judul tarian, karasana jadi teu nyambung, sabab para koreografer henteu museur kana jiwa rumpaka, tapi kana tepak kendangna.
Juru sanggi jeung sastrawan
Juru sanggi teh sebutan keur nu sok nyipta lagu. Ngaran ciptaana sok disebut sanggian. Lamun dina lagu aya kekecapan aya kekecapan anu unina, sanggian mang Koko, rumpakana kenging Wahyu Wibisana Kailaharanana lamun pandena saperti kitu, geus pasti rumpaka leuwih heula ti batan lagu, sabab jadina lagu sabada aya rumpaka. Bisa wae kajadian lagu leuwih ti heula aya, tapi masih mangrupa hariring anu can aya kekecapanana. Ku sabab juru sanggi ngarasa bingung nya menta tulung ka sastrawan. Ku sabab umumna para sastrawan henteu tiasa maca notasi, juru sanggi sok mere ugeran engang dina kekecapanana, nu dipikabutuh ku melodi lagu nu diciptana. Hal saperti kitu bisa disebitkeun langka, supaya gancang nya dijieun we ku sorangan. Masalahna sok sanajan geus dibere ugeran jumlah engangna, aya kalana jiwa lagu jeung rumpaka patojaiah. Contona, sora melodi laguna luhur metit ngalanglaung, tapi rumpakana ngaharewos lalaunan. Perkembangan gawe bareng antara juru sanggi jeung sastrawan dina dunya kawih Sunda, nu make wangunan sajak bebas, kakara mekar dina katompernakeun taun lima puluhan. Umumna samemeh eta mah, juru sanggi sok loba nu nyieun rumpaka ku sorangan bae, atawa babaturan nu landes diantara sasama pangrawit.
Siti Armilah, RAF, Wahyu Wibisana, kaasup sastrawan nu naratas gawe bareng, ku jalan masihan rumpaka (sajak) ka Mang Koko. Satutas eta kacatet ngaran Agus Sariamiharja (Agus Sur), Winarya Artadinata, Dedy Windyagiri, Sukendar, jrrd. Salah sahijina pangaruhna ka Mang Koko, jiwa laguna nu asalna hegar jeung humor, ayeuna mah jadi leuwih daria tur melankolis. Katingalina dua-duana pada diuntungkeun. Mang Koko nambihan dina apresiasi sastrana, sedeng para sastrawan (satutas rumpakana jadi lagu) jadi kahudang dina neangan wangunan anyar, wangunan rumpaka anu kumaha anu miluyu keur sanggieun lagu. Malah lila-lila mah tina eta pangalaman teh , namper jadi hiji ugeran anu mandiri. Salah sahijina, juru rumpaka milih kecap anu siniger tengah. Salian ti eta, nempatkeun sajak anu ngawirahma jadi hiji bagian anu penting jadi tinimbangan. Wirahma eta, engkena gede patula patalina jeung ritme lagu. Jadi dina proses ciptana juru sanggi, sacara teu langsung geus kaanteur antara jiwa lagu, ritme, laras, jeung pirigana.
Lamun nitanan kana kajadian eta, gawe bareng antara juru sanggi jeung sastrawan nu nyieun rumpaka, beunang disebutkeun geus ngalahirkeun ugeran pupuh-pupuh anyar, anu teu kaugeur ku guru lagu, jeung guru wilangan. Salian ti eta, rumpaka lagu jadi leuwih singget. Contona bae, waktos Mang Koko ngadamel rumpaka ku nyalira, jumlah padana (jumlah padalisan dina hiji komposisi lagu) aya nu dugi ka ngawelas. Paling sakedik antara opat atawa lima pada. Hal ieu bisa jadi kapangaruhan ku kabiasaan dina pupuh, dimana ari jumlahna sabaraha pada, sedeng melodi laguna angger. (Laguna cukup ku sapada oge) Ku sabab kitu teu aneh lamun tepina di masarakat, anu manjang dipiinget jeung awor dina adumanisna, dina pada (koplet) anu kahiji bae. Conto Mang koko ngadamel sabaraha koplet rumpaka dina lagu Karatagan Pahlawan, anu popilerna mah angger bae anu rumpakana: teu honcewang sumoreang, batan koplet anu ka rumpakana: sinatria danalaga.
Hal saperti kieu mangrupa evolusi parobahan dina perkembangan lagu Sunda, sabab umumna rumpaka anu disanggina mah, biasa sok dianggap tamat dina hiji pada wae. Lamun tea mah aya iwalna, sabab dianggap hiji kabutuhan, biasana masih napak dina lagu-lagu anu sipatna hereuy atawa guyon. Dina lagu hereuy atawa sekar caturan, (dialog) rumpaka jadi hiji kakuatan pikeun nuntaskeun udagan eusi, mana komo lamun eusina anu ngahudang sipat kritik sosial. Sabalikna, komposisi lagu hereuy mah kudu leuwih sederhana jeung ulah pangjang teuing. Ku sabab sasaran kakuatanana, ditempatkeun dina rumpakan anu panjang, karasana lamun dibalikeun deui kekecapanana kana rumpaka awal, anu ngadenge jadi teu aneh deui.
Ngabandingkeun nu popiler
Baheula mah umumna rumpaka lagu loba diwangun ku 8 engang, dina tiap jajarna. Hal ieu sigana gede kapangaruhan ku wangunan sisindiran atawa pupuh. Tapi dina lagu-lagu kaulinan barudak, ternyata ngabogaan pola nu mandiri, anu teu kauger ku 8 engang. Sakadar conto, urang bisa merhatikeun pola ritme lalaguan barudak.
Cingcangkeling
Cingcangkeling (4)
Manuk cingkleung cineten (7)
Plos ka kolong (4)
Bapa satar buleneng (7)
Ambil-ambilan
Ambil-ambilan (5)
Turuktuk hayam sametu (7)
Euweuh nu diambil (6)
Aya ge anak minantu (8)
Kawih barudak ciptaan Mang Koko:Cengcelengan
Sapoe lima sen (6)
Lima poe satelen (7)
Sataun geus puguh (6)
Cengcelengan geus pinuh (7)
Guligah
Rasa guligah (5)
Rapot alus angkana (7)
Seuri gumbira (5)
Ha ha ha ha (4)
Seubeuh pamuji (5)
Irung ge asa beukah (7)
Igel-igelan (5)
Pak pong pak pong gung (5)
Catetan: dina lagu Guligah, baris ka hiji jeung ka dua, katilu jeung ka opat, kalmia jeung ka genep, ka tujuh jeung ka dalapan, dina lagu mah sok di hijikeun. Jadi engangna dina ieu lagu jadi 12-9-12-10.Pikeun gambaran jeung sakadar conto pola ritme dina lagu-lagu nu geus popiler, diantarana lagu “Es lilin”. Lamun ningali wangunanana, lagu “Es lilin” teh make rumpaka sisindiran. Hal ieu kaciri dina cangkang jeung eusina. Ku sabab Bi Mursih penciptana ngarasa yen jumlah dalapan engang kurang pas jeung kabutuhan melodi laguna, nya ditambahan ku kekecapan tambahan, mah jeung ceuceu.
Es Lilin
Es lilin mah ceuceu kalapa muda
Dibantun mah ceuceu didorong-dorong
Abdi isin ceuceu samar kaduga
Rumaos mah ceuceu seueur kakirang
Ku tambahan eta, (mah ceuceu) anu asalna jumlah engangna dalapan unggal jajarna, ayeuna robah jadi sabelas dina unggal jajarna.Dikalang aturan goong
Beda jeung musik, dina lagu Sunda anu make irama tandak (ajeg, tetep), geus miboga aturan anu diwatesan ku ragragna sora goong. (Goong gede, goong leutik disebutna kempul). Eta aturan dipitaat jadi ugeran, tur ngabogaan aturan anu mandiri. Contona irama lagu sawilet. Wilet hartina matra, sawilet opat matra. Dina irama sawilet anu diwangun ku opat matra eta, unggal matrana dieusiana ku opat ketuk. Jadi, jumlah ketukan dina irama lagu sawilet teh diwangun ku 16 ketukan. Pungkasan waktu pas ragrag kana ketukan 16, ragrag hiji goong. Lamun digambar kira-kira kieu:
Irama sedeng: / . . . . / . . . . / . . . . / . . . 0/
Katerangan: 0=goong
Pikeun ngagampangkeun mere lelemah napakna kecap (rumpaka) dina lagu, ketukan irama sawilet saperti anu ditulis diluhur, urang rengkep jadi dua kali nu asalna unggal matra 4 ketuk ayeuna jadi 8 ketuk. Kekecapan lagu “Es lilin” urang tandaan ku x, saperti conto di handap ieu:. . . . x x x x x x . x x x x x . . . . x x x x x x . x x x x x
. . . . es li lin mahceuceu ka la pa mu da di bantunmahceuceu didorongdorong
. . . . x x x x x x . x x x x x . . x x . . x x x x . x x x x x
Ab di I sin ceuceu sa marka du ga ru ma os mahceuceu seueurka ki rang
Lamun ningali pola ritme lagu es llilin, jajar ka 1 tepi ka 3, ritmena sarua. Anu beda, ngan ritme jajar ka opatna. Jajar ka 1 tepi ka 3, sok sanajan ritmena sarua, tapi melodi atawa nadana mah beda, hal lieu bisa katinali lamun ningali notasi, atawa lamun ngadenge laguna.
Dina lagu-lagu kaayeunakeun, loba lagu-lagu anu popilerna di masarakat, diwarnaan ku pola ritme nu sederhana, jeung datar sarua. Maksudna dina eta, ritme laguna mah loba sarua, nu beda ngan jalan melodi laguna bae. Hal saperti kieu sabenerna mah lain barang anyar, da dina lalaguan barudak mah geus napak kitu ti baheula. Perhatikeun bae lagu Cingcangkeling, ucang-ucang angge, ayang-ayang gung, jrrd.
Ku katerangan di luhur muga jadi panganteur, kanu boga niat nyieun rumpaka keur pilagueun, utamana dina unsur wirahma jeung ritmena. Sanajan henteu mangrupa aturan nu dipikudu, alusna mah keur sakadar cacarakan bae mah, merhatikan saperti conto di luhur bakal karasa deui keur bandingan di conto, lamun loba nitenan rumpaka lagu karya Wahyu Wibisana, Dedi Windyagiri, anu sering disanggi jadi lagu Mang Koko.
Pangaruh rumpaka
Sok sanajan ari nu disebut lagu mah, bisa mandiri tanpa make kekecapan, saperti halna dina musik instrumentalia (karawitan gending), dimana lagu diwangun ku sora-sora tatabeuhan wungkul, tapi dina kanyataan umumna masarakat di urang, leuwih resep lagu nu make rumpaka, ti batan lagu-lagu instrumentalia. Di kalangan rumaja, pangpangna dina lalaguan nu mawakeun tema cinta, rumpaka teh jadi daya tarik nu luar biasa, eta kekecapan tek sok di tulis di alus-alus, dijadikeun kata mutiara. Anu keur kasmaran, eta rumpaka asa keur dirina soranagan. Bahkan anu keur kapakan (patah hati), lamun manggih lagu anu rumpakana anu nyeuit-nyeuit kanyeri ati, sok terus dibulak balik, sabab asa lalakon dirina. Nyieun plesetan tina rumpaka lagu, geus biasa jadi mode, nyokot tina lagu-lagu nu popiler.
Dina dunya atikan, mere conto papatah atawa nerangkeun hiji masalah, leuwih gancang katarimana, mun make lagu anu make rumpaka. Sanajan panjang, biasana napel manjang dipiinget. Geura we pendidiken di pasantren, nyaritakeun babar nabi dugi ka pupusna, loba apal ku dilagukeun mah. Kitu deui sipat 20, atawa nataan ngaran poe dina basa Arab.
Rumpaka nu geus dalit jeung laguna, nu alusna bisa mere apresiasi ka para miarsana. Contona bae, aya kekecapan lawas anu umumna teu dipiterang hartina, jadi kahudang deui. Saperti misalna kecap wening, babat raweuy, jrrd. Sabalikna lamun manggih kecap nu salah larap, justru hese di robahna. Nu ngawihkeun daek teu daek kudu ngagugu, yen eta anu bener. Contona waktos Mang koko ngadamel lagu Pasundan Eksiganda. Maksud kecap eksiganda ku Mang Koko nyaeta lemah cai. Barang dipaluruh dina kamus, ternyata yen lemah cai didinya, hartina lemah cai jajahan Mataram.
Sambas nyanggi Manuk Dadali, lamun nitenan eusi rumpakana, manuk dadali teh jadi perlambang sakti Indonesia Jaya. Maksudna mah sarua jeung manuk garuda. Urang sadar yen manuk dadali mah leuwih leutik batan manuk garuda. Sanajan salah, anggeur we eta nu napakna.,
Uko nyieun lagu Maripi. Dikotektak hartina teu aya, barang ditanyakeun ka jinisna harti maripi, jawabna teh duka, da ukur kungsi ngadenge waktu kieur leutik. Judul lagu Budak Ceurik dina panambih tembang, ngagambarkeun rumaja nu keur kasmaran. Nu ngalagukeun tara ngamasalahkeu, nu penting dina lagu kitu kadengena. Hal saperti kieu bisa kapanggih dina lagu Dul Sumbang, anu nyebutkeun samak salambar dina lagu Pangandaran. Robahna tina imut jadi emut. (Imut malati, emut malati) Jati sarakan, jadi sarakan,teu honcewang, jadi ti honcewang. Aya deui rumpaka lagu, waktu caang bulan, anu dilingkung ku bentang baranang. Padahal keur caang bulan mah, bentang loba teu katingal. Raos we!
Pinilih
Ieu mah pamanggih pribadi, jadi sipatna subyektip pisan. Genahna rumpaka keur lagu, anu sederhana bae, kecapna ulah jalimet teuing, atawa nyastra teuing. Salian ngawirahma, oge genah mun murwakanti. Keur judulna, alusna mah anu pondok bae, sangkan gampil dipiinget. Tina judul kana eusi, karasa gampang diolahna jadi lagu. Keur nerangkeun leuwih tembres, sigana kudu aya para ahli sastra anu nyaliksik sacara halus, ngeunaan rumpaka lagu-lagu Sunda. Juru sanggi mah lolobana ngan ukur bisa nyaritakeun, kira-kira nu kitu nu genah dijieun lagu.
Dina tembang Sunda, sok sanajan cenah guguritan kenging Panghulu Hasan Mustopa teh kacida pisan luhung ajenna, tapi waktu diterapkeun kana lagu, karasana asa kurang awor bae. Babasaanana nyastra teuing. Aya dua hal anu jadi alesan, ka hiji hese disanggina, ka dua, dina jadina hese tepina kanu nembangkeunana, atawa masarakat. Mungkin hal ieu disababkeun oge, ku kurangna apresiasi juru sanggi kana ajen-inajen sastra.
Sacara pribadi kuring nyoba nyanggi sajak karya Ajip Rasidi tina kumpulan sajak Jante Arkidam. Lumayan ngesang, mana komo waktu rek direkam, katingalina produser rekaman deukeut-deukeut kana teu resepeun, sabab cenah nu kieu mah moal payu. Kusabab kitu nya nyieun patea sorangan, ku cara ngamodal sorangan, nu peuting si hese teu kabawa hees. Rumpakana sabisa-bisa nyieun sorangan. Laguna jadi ngagebay paranjang, sabab make istilah kawih tembang. (Katem) teu wudu seueur nu bendu.
Sanajan jaman ayeuna barudak geus biasa berciuman, tapi waktu eta kecap diterapkeun dina rumpaka lagu Sunda, karasa jadi kasar ngarihal. Kecap sejen nyaeta kecap randa atawa duda. Alusna mah, memang urang Sunda resep hal-hal anu cawokah, tapi waktu diterapkeun jadi rumpaka lagu, karasana aya kesan nu vulgar.
Naon hal anu diterapkeun dina bahasan ieu, dasarna loba ngahudang tina pangalama pribadi bae, tangtu bakal loba kakuranganana. Sebut we atuh, samentara mah ulah teu aya teuing, ngarah engkena ngarekahan diulik ku para ahli nu leuwih jembar deui. Hatur nuhun!
Pasir Hariring, 16 Mei 2007
Conto-conto rumpaka lagu
I
Diwangun ku 5 engang
Bar ampar-ampar
Panganten anyar
Wilujeng sumping
Restu kairing
II
Diwangun ku 6 engang
Putri citraresmi
Ti taman bihari
Lir kembang malati
Ligar dina ati
III
Diwangun ku 7 tungtung 5
Ampuh lungguh someah
Tara rucah awuntah
Resep cicing di imah
Babalik piker
IV
Diwangun ku 5, 7, 5, 8
Tina jandela
Urang silih kiceupan
Lemu paneuteup
Teuteup jeung geugeut marengan
Tambahan kecap anu ngawelas: Balakbak, conto sejena Imut malati, Anjeun, Potret Manehna, Sagagang Kembang Ros, Samuil Hipu, Tokecang, Bulan jeung bentang, jrrd.
Sabtu, 28 Januari 2012
Kembang Impian
Moal hilap ka Salira
sanaos nembe patepang
Hate ieu kumalayang teu weleh ngalangkang
najan Jauh rek dijugjug
najan anggang rek diteang
girimis hujan di gunung
keur geulis matak kayungyun
Angin peuting pangneupikeun
salam deudeuh keur anjeunna
rumasa hate kabandang
sok sieun Asih nalangsa
Hibarna layung di gunung
ieu hate ngalanglayung
ngemutan anu di Bandung
Kakasih Kembang Impian
(BILLY EDEN)

Jumat, 27 Januari 2012
Kalangkang
Kalangkang
geuning sakitu deudeuhna
kanyaah nu wening bersih
satia jadi kakasih
Mungguhing dina impenan
geuning sakitu leahna
pameunteu marahmay manis
teu isin ka ambung damis
Rambut panjang nu ngarumbay
disangka panangan ngambay
lalaunan raray tanggah
rangkulan karaos pageuh
Luhur pasir tepung deudeuh
perlambang asih nu mekar
kabagjaan nu duaan
nu duaan
Hanjakal.. hanjakal teuing
endah ngan ukur kalangkang
harepan.. harepan diri
sing nyanding jeung kanyataan
Gapura Cinta
Gapura Cinta
Anjeun datang, datang nembongan
Mawa panghareupan
Mekarkeun kembang katresna
Dina jandela rasa
Anjeun pasrah
Dirangkul asmara
Teu daya nampi kaasih
Nu meulit jeroning ati
Dina gapura cinta
Urang silih rangkulkeun panangan
Geterna nembus kana dada
Ngahudang rasa kaheman
Munggaran kenal ku teu pira
Tepang na uleman
Waktos harita rerencangan
Pesta pangantenan
Dina gapura nya didinya
Janten panineungan
Salira neuteup semu geugeut
Imut bangun ngaheureuyan
Gapura cinta
Jalan nu munggaran
Medalna asmara
Gapura cinta
Lawangna kaheman
Pantona katresna
Gapura cinta
Dipapaes kembang
Kembang pangharepan
Gapura cinta
Weweg ajeg panceg
Lir asih urang duaan
Mojang Priangan
Mojang Priangan
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan
Mun di erok denok
Mun disanggul ayu
Mun disinjang lenjang
Mojang priangan
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan
Maripi
Maripi
Gunung Galunggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Talaga Soka wayahna
Rangecik di tengah leuweung
Rakun di sungkun sumoreang
Hanteu di teang
Tarima raga wayahna rangecik
ti tengah leuweung
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Burudul menak ti Kidul
Gotongan parabot degung
Tatak kendang kulit maung
Di rarawat hoe wulung
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Berebet menak ti kaler
Gotongan parabot topeng
Tatak kendang kulit banteng
Di rarawat hoe loreng
Dadap cangkring dina gawir
Ngajajar pa antai antai
Mana gening
Awi temen awi gombong
Daunna pating arurag
Ka tebak ku angin bajra
Leuleus raden
ngilicir di sada henteu ting koceak
Pating koceak
Koreak pating koceak
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Torojol menak ti Kulon
Gotongan dog dog kaliwon
Tatak kendang kulit Bagong
Dirarawat hoe wolong
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Burudul menak ti Kidul
Gotongan parabot degung
Tatak kendang kulit maung
Di rarawat hoe wulung
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Berebet menak ti kaler
Gotongan parabot topeng
Tatak kendang kulit banteng
Di rarawat hoe loreng
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Tauco Cianjur
Tauco Cianjur
Mo poho oleh-oleh nu mashur
Rencang sangu matak uruy
Ata tauco Cianjur
Ngolebat lauk emas bibitna
Komo mun seug geus jadi paisna
Langkung ni’mat dituangna
Mo aya bandingan nana
Ngagelikna sora suling
Kacapina nu ngajentring
Haleuang sora tembangna
Cipt. M. Yasin
Jalan Braga
tidak boleh masuk keretek
becak roda bemo honda jalanna muter
ber datang ti kaler har kaburu lieur
Jalan Braga mobil plat beureum
perhiasan emasna reunceum
tahan harga jaga gengsi meuli tarasi
duh kukurilingan har teu beubeunangan
Jalan Braga tempat shoping jalma gede
soal harga itu mah soal sepele
tongtonan nu gratis pamer mode nu gareulis
dulak dilak ucad aced nu nenjokeun panas tiris
Jalan Braga tetep teu robah
teu galider tahan sajarah
gunta ganti henteu niru cara nu sejen
tuh jalan nu paten hey jalan konsekwen
Jalan Braga heurin ka gigir
satengahna beak ku parkir
pareng macet lalu lintas hese rek mundur
duh baeud nu ngatur keun wayahna sabar
Jalan Braga jadi jalan kelas hiji
jadi catur pangimpian urang sisi
usuk perundangan urat nadi kota kembang
pageuh kuat jalan braga ngarojong ka balarea
Colenak
Colenak
raos seger matak sehat kana awak
pangaosna cukup ku sapuluh perak
moal rugi ngaluarkeun eusi pesak
Colenak dicocol enak
anu ompong oge teurak
mangga geura carobian
colenak beuleum dadakan
Colenak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istimewa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan seep tilu piring
Colenak dicocol enak
kakoncara sabuana
kaolahan urang Sunda
warisan kolot baheula
Kembang Impian
Kembang Impian
Antara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening
Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan
Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan
Wangsit Siliwangi
Wangsit Siliwangi
Putra Pajajaran anyar
Wawangina sumebar
Sajagad raya kawentar
Ampuh simpuh tur sabar
Kasatriaan wiwitan
Nyukcruk galur cacandran
Siliwangi keur pananggeuhan
Kapahlawanan
Juru bakti perjuangan
Lambang kajayaan
Teguh kana perjuangan
Baheula kacapangan
Dina jaman Galuh Pakuan
Nu kamashur Pajajaran
Tempat payung kaadilan
Ayeuna dikondangan
Numpes nu mawa paesan
Siliwangi ginanjar
Seungit nyambuang ka mashur
Wangsit pitutur
Nepungkeun asma nu luhur
Wawanenna kaukur
Numpes ka jalan takabur
Layung Beureum
Layung Beureum
Luhur gunung
Mukakeun rasa tunggara
Layung beureum narembongan
Kananga ge ngarangrangan
Panutan nu kungsi nyarengan
Ayeuna tinggal lamunan
Kiwari tinggal waas na
Ngupahan paitna rasa
Kabagjaan nu kungsi kasorang
Ayeuna tinggal tunggara
Cinta, cinta urang
Ayeuna tinggal lamuna
Duriat, duriat urang
Ayeuna ukur waasna
Bagja, bagja urang
Ayeuna tinggal impian
Deudeuh, deudeuh keur urang
Ayeuna tinggal kalangkang
Mojang Priangan
Mojang Priangan
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan
Mun di erok denok
Mun disanggul ayu
Mun disinjang lenjang
Mojang priangan
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan
Tibelat
Tibelat
Tapi duriat tumapel masket
Matih lir peurah diri sumerah
Kumambang asih
Neang pangeunteupan deudeuh
Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna
Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna
Kamana atuh kamana
Neang manehna
Metik atina
Sareret jeung saliwat
Mawa tibelat
Sesah hilapna
Reret manehna
Teuteup manehna
Seukeut pamorna
Ngahudang cinta
Gandrung tibelat
Liwung kabandang
Hate micangcang
Beurang jeung peuting
Raray kagambar
Hate gemeter
Hayang patepung
Sugan asih bisa nyanding
Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna
Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna
Kamana atuh kamana
Neang manehna
Metik atina
Sareret jeung saliwat
Mawa tibelat
Sesah hilapna
Jamparing asih
Nembus kadeudeuh
Daya asmara
Kembangna cinta
Cipt. Nano S
Es Lilin
Es Lilin
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah ka kaler katojo bulan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler geuningan da ku sabulan
Borondong garing
Borondong Garing
ider kota pilemburan
mekar lumaku diri
anu dagang bari mimitran
Borondong garing
haleuang katineung ati
jerit ciptaning ati
jeung hiliwirna angin peuting
Oleh-oleh Priangan di lingkung gunung
Majalaya Soreang Banjaran Bandung
hate jongjon lugina anu dikantun
narik ati matak luas nu ngabantun
Sabilulungan
Sabilulungan
Sabilulungan, urang silih rojong
Sabilulungan, genteng ulah potong
Sabilulungan, persatuan tembong
Tohaga, rohaka,
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa,
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan.
karatagan pahlawan
Karatagan Pahlawan
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka
Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa
pileuleuyan
Pileuleuyan
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula
Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui
Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Da kuring arek ngumbara
cipt. Mus K. Wirya
Sapu nyere pegat simpay
Sapu Nyere Pegat Simpay
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih aledan
Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang
Sapu nyere pegat simpai, bakal kasorang
Takdir ti gusti hyang widi, pasti kalakon
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meungpeung deukut, hayu urang sosonoan
Mawar Bodas
MAWAR BODAS
Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala
Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun
Selasa, 10 Januari 2012
Demi wanci
Demi Wanci
Demi wanci
Satemenna jalma aya dina rugi
Demi wanci
Satemenna jalma aya dina rugi
Iwal anu iman
Iwal anu sholeh
Nu silih wasiatan
Dina bebeneran
Iwal anu iman
Iwal anu sholeh
Nu silih wasiatan
Dina kasabaran
Demi wanci
Satemenna jalma aya dina rugi
Demi wanci
Satemenna jalma aya dina rugi
Iwal anu iman
Iwal anu sholeh
Nu silih wasiatan
Dina bebeneran
Iwal anu iman
Iwal anu sholeh
Nu silih wasiatan
Dina kasabaran
Hamdan
Hamdan
Hamdan lirobbil ‘alamien
Allohu rohman warrohim
Qodkoruba fatul mubin
Innahu huas samiul alim
Puji kagungan pangeran
Nu Maha Welas tur Heman
Gusti mangka muka pura bagja
Alloh ya Robbi Mantenna Maha Uninga
Solawat solawatan
Barokat barokatan
A’la Muhammad Rosulih
Wa’ala ali wasohbih
Salam sinareng solawat
Muga netes ka Muhammad
Natrat ka para Karabat
Para ahli jeung sahabat
Cipt. Mang Koko
Hamdan lirobbil ‘alamien
Allohu rohman warrohim
Qodkoruba fatul mubin
Innahu huas samiul alim
Puji kagungan pangeran
Nu Maha Welas tur Heman
Gusti mangka muka pura bagja
Alloh ya Robbi Mantenna Maha Uninga
Solawat solawatan
Barokat barokatan
A’la Muhammad Rosulih
Wa’ala ali wasohbih
Salam sinareng solawat
Muga netes ka Muhammad
Natrat ka para Karabat
Para ahli jeung sahabat
Cipt. Mang Koko
Langganan:
Postingan (Atom)