Minggu, 03 Maret 2013

KAREMBONG KAYAS


Duh aduh karembong kayas
Disawang matak kagagas
Baheula keur jeung manehna
Karembong teh jadi saksina

Duh aduh karembong kayas
Dianggo ku mojang kota
Loba nu matak kabita
Ku nu nganggo karembong kayas

Mojang Bandung loba nu matak kaguyung
Ku wanoja Sumedang matak kagembang
Mojang Garut loba nu matak kairut
Ku nu nganggo karembong kayas
Naon atuh kalepatan diri abdi
Anjeun tega gaduh deui


Sabtu, 02 Maret 2013

LAYUNG GALUNGGUNG

Layung luhureun galunggung
Marengan wanci sareupna
Surya ngampih pabuburit
Pamit ka caangna beurang

Duaan waktu harita
Babarengan nyulam cinta
Bari pinuh pangharepan
Bagja pinuh tineukanan

Layung luhureun galunggung
Kunaon leungit teu pamit.. leungit teu pamit
Boa teuing cinta urang moal lana papanjangan
Layung luhureun galunggung
Undur na kawas nu pundung.. kawas nu pundung
Boa pasini na jangji kaputus moal ngajadi

Duaan waktu harita
Babarengan nyulam cinta
Bari pinuh panharepan
Bagja pinuh tineukanan

Kamis, 07 Februari 2013

ASMARA


Kawih, Degung, Pop Sunda

Mimitimah taya rasa mikacinta
Geuning teu dinyana anjeun sering ka impenkeun
Asmara sono teh taya tungtung na
Dina geter angen anjeun sering ka impenkeun

Duh angin nu ngadalingding
Pangnepikeun kamelang kuring
Duh Bentang anu baranang
Pangnepikeun rasa hariwang
Kaanjeun tilam harepan
Nu teu weleh dipikamelang

ASIH ABADI


Kawih, Degung

Sajuringkang lemah putih
Tatapakan ngeureut getih
Nya didinya awor asih
Neundeun harepan nyeungceum angkeuhan
Dina galindengna kawih
Asih tumekaning batin
nyaah tinandung na nyawa

Demi lautan katut ombak na
Demi daratan katut gunung na
Ditapel wates ngajadi
Ngajalan jati waruga




ASA TOS TEPANG


Asa-asa.. asa...
Asa-asa.. asa...

Asa tos tepang asa tos kenal
Duka dimana.. dimana
Asa tos tepang asa tos kenal
Duka dimana.. duka..

* Eeh... leres Eh... muhun
Eh... leres diditu diCipayung waktos manggung

Sasarengan duh padungdengan
Icikibung puncak Cipayung
Payung mayung Anteng kagandrung } 2x
Diditu diCipayung waktos manggung

Duh.. bingung

Back to : *


ALIM PATEBIH


Dina liuh-liuh nu linduh
Nu kasisir angin tipeuting
Anteng nyarandekeun hate
Geugeut pageuh dina lahunan

Bongan geus lawas teu tepang
Sami-sami ngagugulung kangen
Ajrih nemragkeun kasono
katineung nu urang

kahoyong mah engkang urang ulah pisah deui
kahoyong mah engkang ulah rek paanggang deui
palias inggis nunggeulis cuang cieung leungiteun kaheman
teu wasa kedah nyorangan nalangsa tunggara


ADU MANIS


Papaes pangreka lagu gelar lagu adu manis
Nyata dina rupi ibing katelahna jaipongan adu manis
ketuk tilu baheulana klasik jeung penca' silat
disadur direka-reka nuresep dimana meni

Kumargi aya tawisna dina ibing adu manis
Siih reret bari imut supados henteu pahili
Adu manis anu lucu pasangan istri pameget
Nu lami henteu patepang ayeuna patepang deui
gambaran istri pameget keur sumedeng birahina
silih simbeuh ku kadeudeuh sempal guyon gogonjakan

sok saha nu wani metik sadia ngayonan nana
sanajan tepika pati moal ngejat kawalahan

Alok( backing V ) :
adu manis katelahna ketuk tilu Baheula na
gelar lagu adu manis nu ngibing mojang maranis





Senin, 28 Januari 2013

Duriat

(Darso)

Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na heunteu kapaksa

Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman.

Kamis, 24 Januari 2013

Purnama nu kungsi nyanding

Purnama nu kungsi leungit
Ayeuna nganjang ka buruan deui
Anu kungsi kapi ati
Ayeuna urang di teupangkeun deui

Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
HAyu urang patarema
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan

ref
Ayeuna mangsa nu endah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan hate bangblas.

Malati ligar ku manggsa

Datang peuting
Malati ligar ku mangsa,
Seungitna
Dangiang angin-anginan.

Mapay beja ku wangina
Panutan anu rek mulang,
Bari mawa kabagjaan
Nu pinuh ku pangharepan.

Datang beurang
Malati imut kamari,
Pangjajap
Panutan anu rek mulang.

Pucuk asih ting garupay
Nganteurkeun rasa katineung,
Bari reumbay ku cimata
Pinuh ku rasa kamelang.

(hiks, hiks duka ciptaan saha Lur!)

TAMPERAN KAHEMAN

(Cipt. Nano S.)

Bibit bibitna asih
Ku patepang unggal dinten
Janten tamperan kaheman

Kawit kawitna biasa
Kaeunteupan rasa era
Teu daya pateupung teuteup

Teu karaos janten galecok sorangan
Teu karaos janten ngumbar panglamunan
Saupami ieu hate tos sarua
Urang teh kunaon henteu balaka

Najan rikip dipindingan
Cinta mah tetep nembongan
Anu mawi mending nembrak sakalian
Da kanyaah geus puguh pikeun enteupna.

Neuteup Bulan

(Cipt. Nano S.)

Bulan teh ku meni ngempray
Caangna estu marahmay
Gupayna bet kapiraray
Na hate sungkan paturay

Seug Bulan geura moncorong
Cik atuh sok geura tembong
Pek ngalong bari di pencrong
Kuring hayang ngajak ngomong

Bulan ngangkang dina mega
Teu kawawa ku endahna
Rek metik ku henteu wasa
Ngan ukur hujan cimata

Duh bulan, bulan harepan
Kuring mungpuyang payungan.

(hadyuh cinta beu ehe he tobaaaaaaaaaaaaaaat)